Text
Rintik Tawa
Srie Sunarsasi nyaritakeun mahasiswi tingkat tilu jurusan Hubungan Internasional UGM anu dilamar ku dosénna, Profésor Ahmad Ghazali, budak ngora nu nyongcolang jadi guru besar. Srie geus terangeun yén Ahmad Ghazali téh boga kasakit anu umurna dipastikeun ngan tinggal sataun dua taun deui. Dijurung ku cinta nu agung tur suci jeung tekad hayang jadi jelema anu “boga harti keur nu séjén”, Srie narima éta panglamar. rnSabada ditinggalkeun maot ku salakina, Srie ngarasa kaleungitan jalma anu bisa jadi gunung pananggeuhanana, hususna dina ngadidik anakna. Untung aya mahasiswa sajurusanana, Ibrahim Musa, anu bisa jadi batur pakumaha tur sakaligus bisa jadi tempat balabuh haté jeung jiwana. Jejer carita ieu roman dikasangtukangan ku kaayaan pulitik nasional saméméh peristiwa Gestapu (G-30-S/PKI) anu mangaruhan sakumna kagiatan mahasiswa di Indonésia, pangpangna di Yogyakarta jaman harita, nalika pangarangna masih mahasiswa.
Tidak tersedia versi lain