Text
Wawacan
Serat keur Emay, mangrupa surat-surat imajiner nu madungdengkeun bagbagan cianjuran. Naon rupa nu aya di sabudeureun cianjuran kayaning asal-usul wanda, harti wanda, rumpaka, pagelaran, kamekaranana, katut pasualan-pasualan nu mindeng nyampak di masarakat dijojoan dina wujud surat nu dialamatkeun ka Emay, hiji tangtungan nu biheung aya di kieuna. Saenyana mah lain lebah keur saha eta surat ditujulkeunana, tapi lebah pangajak ka nu maca geusan babarengan milu nyuaykeun saweuy, sangkan materi cianjuran nu pajah rembet, sanget, jeung sakral teh, jadi nembrak; tinggorehel tina dapuranana.
Tidak tersedia versi lain