Text
Bima Rengkung
Buntari teu béda ti langlayangan anu keur kokoléaban. Beuki tarik angin, anu niupna, beuki luhur ngoléab ngapungna. Ari aing naon? Boa-boa geus dianggap anginna. Langlayangan anu keur ngoléab, sagemblengna bakal gumantung ka angin. Naha aing rék jadi angin ririh, sangkan manéhna buru-buru ragrag deui ka lemah titincakannana? Atawa, naha rék jadi angin lilimbungan, tepi ka manéhna terus mumbul, sarta engkena boa dimana bakal ragrag atawa nyangsangna?
Tidak tersedia versi lain