Text
Eat Play Leave
Dina carita Halimun Peuting, nyaritakeun hiji jalema anu nuju rarungsing bingung ku sabab anjeunna rek uih ka lemburna ngan hate na mandeg mayong, oge kaayaan anu teu merenah , nyaeta Kardana ngaranna. Sajajalan rek ka lembur eta Kardana teh loba kasieun jeung boga kawirang ka indungna.Oge di lembur teh aya musuh bubuyutanna nyaeta Sasmita, eta Sasmita teh ges rek di lawanan ngan Kardana boga pipikiran karunya oge teu genah. Ahirna niat rek di lawanan teh teu tulus. Kardana ka bumi Emana bari susulumputan ku sabab bakal di serang lamun terang-terangan mah . Dugi tos di bumina Kardana mandeg mayong ngan maksakeun kusabab hoyong nepungan Emana oge budakna nu ker meujeuhna di cooan. Dugi tos di bumi Kardana sareng Emana sosonoan anu kacida tulusna. Ema anu di lembur ngajagaan incuna anu ker meujeuhna capetang, tos nunungguan Kardana kusabab Incuna nananyakeun bapa na wae “Bapa kamana ema? Sakedap deui uih nya? “ eta budak teh meni kacida lucuna.
Tidak tersedia versi lain