Text
Kamus Indonesia - Inggris
Daun, tangkal, jeung manusa tuluy jaradi sarah.rnPalid dina caah umpalanrnCutatan kalimah di luhur bisa jadi ngawakilan tema carpon-carpon Hadi AKS nu aya dina ieu kumpulan. Ruksakna alam jeung rangsakna moral manusa kiwari, jadi jejer utama anu diguar ku pangarang dina dua belas carita pondokna. Tatar Sunda geus lain alam nu endah matak waas, tapi tanah nu kebek ku mamala. Lemah cai kuring lain bumi nu matak tingtrim, tapi lemah nu dirungkup musibah; caah, urug, jeung sajabana.rnNya kitu deui manusana. Urang Sunda nu kawentar ku babasan hade tata hade basa, someah hade ka semah, horeng geus ngajanggelek jadi jalma-jalma nu biadab teu boga ras-rasan. Bapa nu ngagadabah anak, indung nu maehan anak, jalma-jalma nu silih curiga, nu ngajual kahormatan, nu silihpergasa, minangka potret realitas manusa kiwari anu hayang ditembongkeun ku pangarang. Dicaritakeun dina wirahma jeung gaya nu ngagalindeng, rupaning pasualan anu tadi teh karasa antebna, ngagerihan batin nu maca. Ngalenyepan carpon-carpon Hadi AKS dina ieu kumpulan carpon Kalapati, urang diajak nyurahan urang Sunda nu palid kabawa caah umpalan jaman.
Tidak tersedia versi lain