Text
Listrik dan Magnet : Bahan Ajar
Pusaka Ratu Teluh mangrupa saduran tina carita anu asalna ti nagri Barata (India), nyaritakeun hiji raja—ngaranna Triwikramaséna—anu pinunjul, kaceluk digdaya, gagah, tur wijaksana. Ku wiku anu boga niat jahat, éta Raja dipinangsaraya nyandak mayit anu kaancikan roh Ratu Teluh tina hiji tangkal. Waktu rék dibawa ka hareupeun éta wiku, Ratu Teluh ngadongéng anu ngemu pasualan pelik anu kudu dijawab kalawan arip ku Raja. Tapi sanggeus dijawab kalawan wijaksana, ku Ratu Teluh mayit téh dibalikkeun deui kana éta tangkal. Sabada dicandak deui ku Raja, Ratu Teluh ngadongéng deui. Kitu deui jeung kitu deui baé nepi kagenep-welas kalina.
Tidak tersedia versi lain