Text
IPHo 1
Dina obrolan-obrolan Serial Ua Haji Dulhamid: Ronggeng Sajajagat, Leumpeuh Yuni, jeung Cobek Belut teh rea nasehat anu marunel sanajan eusina mah lolobana geus bari lantaran sering dipituahkeun ku para sepuh. Tapi ku sabab ditepikeunana ku Ahmad Bakringaliwatan gunem catur antara Ua Haji jeung batur ngobrolna, di emperan masjid atawa di imahnadiselapan ku heureuy anu has pilemburan, eta nasehat jeung pituah teh teu karasa mapatahan ka nu macana. Ari bahan gunem caturna umumna mangrupa pangalaman beh ditu, anu kaalaman ku Ua Haji jeung nu sapantaranana tapi henteu kaalaman ku nu sejen nu sok milu ngawangkong. Nya katapis ngadongeng jeung kaparigelan nyarita jadi salah sahiji kapunjul Ahmad Bakri dibandingkeun jeung para pangarang Sunda lianna.
Tidak tersedia versi lain