Text
Rahasia Di Balik Kompor
Kanjut Kundang téh diterbitkeun ku Balai Pustaka Jakarta dina taun 1963, ngamuat sajumlah prosa jeung puisi Sunda sabada Perang Dunya Kadua, nepi ka kira-kira taun 1959.[2] Di jerona ngawengku 45 prosa jeung 83 puisi beunang 42 pangarang mangsa harita, ti nu pangkolotna Tjaraka (lahir 1902) nepi ka pangngorana Ajatrohaedi (lahir 1939).[2] Ukuran buku 21 x 14 Cm, ngagunakeun keretas koran, dipapaesan 8 gambar jeung 17 vignet ku Yus Rusamsi, kandelna 483 kaca.[1] Dina bagian “Bubuka” Ajip Rosidi ngajéntrékeun kasang tukang lahirna ieu buku katut nembrakkeun maksud jeung tujuanana.[1] Maksud diterbitkeunana ieu buku téh aya dua, nyaéta mangrupa dokuméntasi keur anak incu sampeureun ka hareup, duméh sastra Sunda mangsa harita mah gelarna téh dina majalah jeung surat kabar.[1] Anu kaduana mah nyaéta mentingkeun ajén inajen sastrana, sangkan jadi ugeran pikeun nangtukeun ukuran hadé gorengna karya sastra.[1] Wangun karangan prosa anu diasupkeun kana ieu antologi téh nyaéta carpon, panineungan, sempalan novel, jeung sempalan fragmén carita drama, sedengkeun wangun puisi ngawengku sajak, guguritan atawa dangding, jeung prosa lirik.[1]
Tidak tersedia versi lain